Kajadian 1
1:1 Nalika Allah nyiptakeun jagat raya,
1:2 harita bumi teh teu puguh wangunna, kaayaanana kacida matak geueumanana. Sagara motah ngaliputan satangkaraking jagat. Alam poek ngajumbleng. Pangawasa Allah murba saluhureun sagara.
1:3 Lajeng Allah ngandika, “Sing caang,” bray bae caang.
1:4 Seug ku Allah ditilik sarta kamanah. Eta caang ku Mantenna dipisahkeun tina poek.
1:5 Caang dingaranan “Beurang”, ari poek [...]
Kajadian 2
2:1 Ku kituna jagat raya jadi lengkep sampurna.
2:2 Dina poe nu katujuh, Allah liren tina sagala padamelana-Na sabab geus rengse.
2:3 Poe nu katujuh teh ku Mantenna diberkahan tur diiwalkeun ti poe-poe sejenna, lantaran dina poe eta Mantenna geus nyampurnakeun sagala padamelan ciciptan-Na sarta terus reureuh.
2:4 Kitu hal dijadikeunana jagat raya teh. Waktu langit jeung bumi [...]